Join MultiplyOpen a Free ShopSign InHelp
MultiplyLogo
SEARCH

*Live*Love*Laugh*

Homewilujeng sumping di blog sim kuringMay 27, 2008
Ass wrwb.
langkung ti payun sim kuring nyuhunkeun di hapunten
bilih aya basa sim kuring anu lepat, anu teu leres, anu kedah di koreksi
atanapi anu teu sapagodos sareng kaidah2 basa sunda anu baku

maksad sim kuring nyerat dina blog ieu teh teu aya sanes iwal ti sieun disebat gaptek
ku pun anak ,
pajar maneh teh si ibu mah gaptek ah cenah bade muka milis wae
meni kedah tataros ka kaka atanapi ka adik, gimana ini gimana itu,
sakapeung mah sim kuring sok noongan upami barudak nuju
nga blog atanapi chating sareng rerencangannana, sugan weeee lami lami mah
tiasa, ari bade naroskeun ka pun anak kumaha carana hoyong gaduh blog
rada2 gengsi, ari bade tataros ka salaki sok rada haroream da si akang mah
kabiasaannana lamun naroskeun saeutik sok ngajelaskeunana sa bab
komo upami naroskeun kumaha carana ngadamel blog meureuuuuun sim kuring teh
di paparin kuliah
ti ngawitan ms dos dugikeun ka windows vista ti ngawitan kumaha ngadamel
alamat email ngadamel frindster dugikeun ka ngadamel blog.
tungtungna mah ku elmu bakat ( bakating ku kudu gaduh blog) anu sa aya2,
sim kuring teh tiasa yeuh nyerat dina blog alhamdulillah .

nghaja sim kuring teh ngawitan mah nganggo basa sunda, kanggo nyontoan pun anak
supados aranjeuna teh sakedik2 wae mah ngiringan maca blog sim kuring,
sugan jeung sugan aranjeuna teh jadi jalma anu tiasa ngamumule basa indungna
amiiin, da geuning barudak teh ayeuna mah nyariosna meni araraneh,
cobi we, upami urang muka friendster atanapi blog barudak urang,
duuuuh gusti eta bahasa meni campur aduk kitu, aya basa sunda di sambung ku bahasa inggris
aya bahasa Indonesia anu gaul , duka teuing aya bahasa nanahaon deui.

tujuan sim kuring nyerat dina ieu blog oge salah sahijina kanggo nga edukasi
diri pribadi ti ditunamah ameh rada gaul, maklum sim kuring kagungan murangkalih
anu hirup di jaman kiwari, jaman gadget, jaman teknologi computer, jaman sophisticated, cenah teh
mun kirang kirang ngigelannana urang teh bilih tidak well informed. ( tah geuning sim kuring
oge katepaan nganggo bahasa campur2 kagungan murangkalih)

kumargi sim kuring teh nembe di ajar, sasatna mah ieu teh tulisan sim kuring anu munggaran
rupina cekap sakieu heula perkenalan ti sim kuring,
Insya Allah sanes waktos urang lajengkeun kana seratan anu langkung aya eusina
langkung mangpaat, langkung aya hartosna kanggo di pintonkeun
hatur nuhun.

Wass wrwb.
Melanie kuswandi
.
.
.
.
NoteGuestbook
   
anggtaaflixunited wrote on Aug 9, '08
halah, sii ibu mah welcome note-nya panjang bgt! hahahahahaha!
.